Buku Sunda Pertamaku "Gerentes"


Buku Antologi carpon & sajak Sunda karya pertamaku dan kawan-kawan Penulis di facebook "Gerentes" Merupakan wujud kecintaan yang sederhana terhadap dunia imajinasi dan pada budaya serta sastra daerah.Antara Kuring, Ita Jeung Ina

( Ratna Ning )

Kuring, Ita  jeung Ina teh tilu sobat nu dalit ti és dé kénéh.  Ita, anak Bi Dami, beunghar Ita mah. Mobil angkotna gé tilu, motorna dua. Bi Damina boga kios sembako, gedé. Pantes Ita mah pakéna hadé waé, barangemasna reumbeuy, hapéna gé blackbérry kaluaran anyar,  Tablét ongkoh, laptopna ongkoh. Ngan Ita mah kayungyun, bageur, soméah, henteu sombong. Mun aya tugas kelompok ti sakola, kuring sok genah ngagrup jeung Ita, alat diajarna kumplit. Pan ayeuna mah, sautak-saeutik néangan matéri dina google, tuluy diprint. Di Ita mah puguh geus sagala aya, jadi teu kudu ngaluarkeun duit éstra keur ngeprint. Tah keur kuring mah lumayan bisa ngurangan beban Mamah jeung Apa.
 Ari Ina, Ina mah kaasup panggeulisna diantara tiluan téh. Tapi ari kahirupanna mah teu jauh béda jeung kuring. Sarwa jalma pas-pasan. Komo Ina mah adi lanceukna gé loba. Ngan ku édasna, manéhna mah bisa midang tandang mapakan Ita. Hapé gé kajeun lain blackbérry, tapi hapé android kaluaran anyar jeung mérk alus. Papakéan istuning gunta ganti nuturkeun mode nu keur ramé. Naon geninglah da gunta-ganti. Kuring mah teu apal-apal acan da tara ngiluan gunta-ganti mode. Nu penting mah ceuk Mamah ogé papakéan mah asal beresih jeung rapih. Teu kudu anyar komo gunta-ganti tiap wanci. Enya kituna mah, karunya ongkoh ka Mamah. Tibang ngandelkeun Apa kuli bangunan, kajeun geus kasohor jadi Tukangna gé, tapi kahirupan kuring mah basajan. Jauh tina méwah. Kacukupan dahar jeung biaya sakola kuring jeung Arif, adi kuring gé geus syukur.
“Ké ari hayang méwah mah, mun Nénéng geus boga pangala sorangan, geus tamat sakola, tah pék. Mamah jeung Apa mah moal rék ménta. Moal hayang dibéré. Geus bisa nyukupan kahayang jeung bubutuh Nénéng sorangan gé Mamah mah geus syukur. Ayeuna mah tong waka gogojéhan, can jamanna.  Nénéng bajoang heula keur sakola nu junun. Keun Mamah jeung Apa nu bajoang ngajeujeuhkeun waragadna”. Mamah sok peupeujeuh kitu ka kuring. Atuh kuring gé ngarti kana kasusah kolot jeung patékadannana nu tigin hayang ngajununkeun kuring.
Sering pisan Ina mapanas kuring. Keur meuli hapé android ge manéhna moyok.
“Ngan si Nénéng nu can boga hapé téh. Rék iraha tuh Néng? Geura meuli atuh?, ngarah teu hésé urang hubungan lamun rék kerja kelompok atawa jangjian ulin téh. Teu BB atawa android gé atuh hapé-hapé jadul”.
“Ahh keun bé Nénéng mah, nu Mamah waé. Pan biasana gé sms ka mamah gé lancar. Sakali-kali bisa diinjeum. Horéam boga hapé téh, loba biayaaneun. Karunya ka Mamah” témbal kuring tenang.
“Teu gaul ah Nénéng mah. Teu ramé!” Ina ngagadeud.
“Hayang ramé mah lalajo film geura!” Ita nyelengkeung. Kuring nyirihil, Ita mah sok mungkas omongan. Ina jadi teu ngomong deui. Pareum.
Da kangaranan otak budak meureun kuring gé, sok rada kapanasan ari sering-sering teuing mah dipapanas. Rajeun sok mangadu ka Mamah. Tapi Mamah sok bisa meper kahayang kuring. Keun baé cenah rék disebut jadul rék disebut teu gaul ogé. Da ukuran gaul mah lain tina boga atawa teu boga hapé. Tapi ku loba babaturan kujalaran hadé haté jeung batur, silih ajénan silih riyonan silih hampura cenah, tinangtu urang bakal loba nu mikaresep.
 Tapi da jeung enyana. Alhamdullillah kuring mah di sakola gé  loba batur. Geus lumuh nu sakelas, nu teu sakelas atawa béda tingkat ogé wawuh jeung akrab. Kuring mah tara milih-milih babaturan atawa kokolompokan jiga Ina. Batur mah jeung saha waé. Jeung nu saluhureun atawa sahandapeun. Jeung nu beunghar  atawa nu teu boga. Jeung nu pinter atawa nu bodo. Tara pilih-pilih. Da ceuk Mamah gé jalma mah sarua harkatna di mata Allah. Teu payus mun jalma nu jadi ciptaanna ngabéda-béda golongan.  Hanas jeung Ita jeung Ina, angger dalit téh da puguh batur ulin ti bubudak.
Ngan wijaksanana Mamah, dipangmeulikeun éta gé hapé kaméra. Najan nu murah. Nya tangtu kuring atoh. Sanajan murah jeung lain hapé mérk jeung type modéren, tapi nu penting mah Mamah mangmeulikeunna ikhlas jeung samampuhna.
“Keur naon boga hapé modéren gé ari meunang unjak-anjuk atawa nu matak ripuh ka urangna mah. Dipakéna gé hariwang!” Ceuk Mamah ngupahan.
“Moal nganjuk ari modél Ita nu beunghar mah Mah!” Kuring nyempad bari seuri.
“Puguh ari Ita mah, keuna ku pantes deuih. Ari modél Nénéng boga hapé alus, seug kahirupan sapopoé keuna ku ripuh, meuni asa maksakeun jeung leuleuwihanan. Jeung deuih, nu kitu mah saukur gaya hirup Néng. Bakal susah mun nutur-nutur gaya hirup. Datang nu anyar, heug ganti deui. Kitu jeung kitu. Lain keur jalma basajan modél urang. Urang mah ku cukup dahar, bisa sakola parok jeung batur gé untung!”
Céréwéd Mamah téh. Ceuk budak ayeuna mah bawél. Tapi da sadaya nu dipagahkeunna teu salah. Samalah payus jeung bener. Kuring loba diajar ti mamah. Diajar hirup basajan, tumarima kana kaayaan. Hirup saperluna, samampuhna. Jeung réa-réa deui. Mamah téh ngora kénéh, da anak gé karék dua. Tapi ceuk kolot baheula téa mah meureun, geus legok tapak génténg kadék Mamah téh. Hirup peurih ti bubudak. Laju perih. Nya gening meunang peurah sanajan karék ku kawijaksanaan dina pola pikir jeung sikep ogé. Reueus kuring mah ka Mamah.
Mamah mah teu jiga batur. Hirup saayana. Teu panasbaran. Teu jiga babaturan Mamah nu sok katempo ku kuring. Hirup mewah ku pake. Bruy beureum bruy héjo. Meuni matak sérab jeung uruy. Pakakas pereték, kajeun meunang nganjuk ngahutang. Mamah mah make baju gé istuning éta deui éta deui.
“Jang naon ngukumpul baju. Saperluna wé. Asal aya ganti jang sapopoé, atuh keur masamoan boga. Kajeun teu gunta ganti nu penting mah beresih jeung rapih!” sok kitu waé jawaban Mamah.
Reueus kuring ka Mamah. Satékah polah nuturkeun gaya hirup Mamah, basajan. Sanajan sok jadi bahan poyok babaturan. Ahh keun baé da teu matak getihan ieuh. Nu nyebutkeun kuper, katinggaleun mode, teu gaul, tara ieuh dipaké haté. Nu penting mah hirup tetep jalan. Buktina, kuring ayeuna geus nincak kelas tilu és ém pé. Ku ngeureuyeuh sakola jeung hirup saayana, teu weléh wé gening nikreuh.
***
Ita geus boga kabogoh. Ngilu reueus. Ina mah komo, sok gunta-ganti kabogohna téh. Tuda keur geulis, hadé paké jaba lincah.
“Ari Nénéng iraha?” ceuk Ita ngaléndotan. Diheueuhan ku Ina.
“Ahh Nénéng mah moal wara boga kabogoh. Jeungna saha atuh nu bogoheun ka Nénéng geura?” walon kuring halon.
“Lain teu aya nu bogoheun. Da Nénéng téh geulis atuh. Nénéngna wé teu begér. Tara dangdan. Tara daék diajak kencan. Da nu salam wé aya pan, si Déni? Naha sok cuek waé?” ceuk Ita. Ina jebi.
“Kurang modal ongkoh Nénéng mah!” Ina mairan rada teugeug.
Megg téh kana haté. Meuni ngahina kitu ari Ina.
“Nyaan Nénéng mah kurang modal. Bati kurang kerung wé nempo Ina meuni hurung nangtung siang leumpang!” cekéng rada nyindiran.
Teu rék kitu kumaha? Ku hayang modis téh Ina mah meuni maksakeun. Geus lain rusiah deui lamun indung bapana nu sakitu weritna, keur nyukupan kahayang Ina nu salangit téh bati unjak-anjuk jeung ngahutang. Gunta-ganti hapé gé sabaraha kali? Hapé  heubeul dijual, ditombokeun ka hapé anyar. Tambahna meunang unjam-injeum ti koperasi harian. Meuli baju, sapatu nu sakitu nereselna, jaba hayang nun bermérk waé, ladang nganjuk ti kiriditan. Tepi ka ratus-ratus rebu. Nyobat jeung Ita nu beunghar jeung sagala kauntupan, angot mingkin ngaluhuran gaya hirup da puguh sagala nurutan. Panasbaran jeung embung éléh Ina mah. Katambah ku kolotna terus-terusan diwowoy, diturutkeun kajeun ladang anjuk ladang ngahutang. Ningalina bet asa ripuh. Besar pasak daripada tiang. Tapi teu kituna, teu rek jadi pusing keur kuring mah. Éta urusan batur.
Ditémbal kitu Ina cicing. Teu lémék. Tapi katempo rada baeud. Beungeutna geuneuk. Atuh pasti manéhna surti kana rumor nu geus jadi sabiwir hiji di lembur. Tapi sakali deui kuring teu niat milu campur. Ngan édas wé sok teu resep ku asa aingna. Padahal mah manéhna hadé paké téh ukur adéan ku kuda beureum.
“Lain kitu Ina mah. Apan urang tiluan téh sobat dalit. Tapi Nénéng mah sok misah waé sagala rupa gé. Jadi keur Ina mah asa teu kompak ari kitu téh. Teu solidér!” pokna deui sanggeus rada lila.
“Ohh kutan? Ari kompak jeung solider numutkeun Ina nu kumaha kitu? Ari keur Neénéng mah ngahargaan babaturan, silih talingakeun, silih benerkeun mun salah, silih longok mun salah sahiji gering, silih tulungan samampuhna, éta nu ngaranna kompak jeung soliderna sosobatan mah..”
“Nya teu cukup kitu waé...” Ina némpas. Saperti sasari tungtungna, mun geus kitu manéhna sok ngajak debat.
 “Pan urang téh ‘tiga sekawan’.....”
“Teu maké ‘di pulau seram’ jiga judul buku?” kuring nyikikik. Ina molotot. Ita nu titatadi cicing ngabandungan, ngilu seuri.
“Tong sok heuruy, Ina can anggeus ngomong!” Ina ngagebés. Biwir kuring rapet.
“Kompak jeung solidér téh lain ukur kitu. Nya kudu kompak ogé dina paké. Mun urang ka ondangan ulangtaun atawa pésta babaturan, nu saurangna maké higheels, nu sawaréh gé miluan. Ngarah teu pincang...”
“Yéh, ai pincang mah mun maké higheels sabeulah maké sendal capit sabeulah éta tinangtu bakal pincang!” kuring nyorobot deui bari dibarengan ku heureuy. Ina meureudeuy semu gereget. Ita nyakakak teu euleum-euleum.
“Tos Na, Nénéng ngarti kamana arah omongan Ina. Naon nu dipimaksud ku Ina perkara kompakna arti sosobatan nurutkeun Ina. Meureun hartina, Nénéng teu kompak dina matéri, dina paké, tah ayeuna dina kikindeuwan. Ita, Ina mah geus boga, ari Nénéng acan. Éta dihartikeun ku Ina, Nénéng teu kompak jeung babaturan!” ceuk kuring teges jeung mérélé. Lebah ngomong mah tinangtu dua sobat kuring gé nyahoeun. Kuring bisa waé éléh dina paké jeung sagalana. Tapi dina ngomong mah moal  éléh debat. Atuh moal dipercaya jadi Jubir Osis jeung lomba-lomba pidato antara sakola lamun kamampuhan ngagorolang kuring teu kaaku. Ceuk Mamah gé, ulah sieun nyoara, asal didadasaran ku bener.
“Ari dadasar kompak jeung solidér numutkeun Ina kawas kitu nya meureun Nénéng mah nyerah. Mending mundur waé tina sosobatan urang. Da lumuh Nénéng mah teu bisa nuturkeun atawa nurutan gaya hirup aranjeun duaan. Nénéng mah jalma basajan. Teu aya modal kanggo nuturkeun karep jeung gaya aranjeun duaan. Sosobatan téh murni ku rasa nyaah, asih jeung gemi Nénéng mah ka sobat-sobat. Tempat diajar meungkeutkeun tatali silaturohim sobat téh. Sanajan urang béda tapi bisa ngahiji kalayan sauyunan dina béda éta. Ayeuna Ina nganggap Nénéng teu solidér, teu mapakan meureun, nya mangga, Nénéng mah mundur. Moal ngadalit teuing jeung aranjeun...” ngomong kitu téh bari nangtung, nyolendangkeun kantong nu geus mimiti boléas da puguh geus dua taun teu ganti. Mamah mah rék mangmeulikeun, tapi kuring nu nolak. Nyaah da sakeudeung deui tamat és ém pé. Ké mun asup és ém a karék ganti kantong.
Nempo kuring nangtung, Ita curinghak. Giak ngahulag jeung ngahalangan. Tapi Ina mah kalah ngabalieur bari jebi. Ku kitu gé kuring ngarti ka karep Ina.
Ti harita, keur mah tuluy ripuh nyanghareupan ujian umum jeung persiapan-persiapan séjénna, sosobatan kuring jeung Ita katut Ina jadi rada anggang. Ita mah sok mindeng kénéh smsan nanyakeun kabar jeung sajabana ka kuring. Ina mah amprok di sakola gé geus saperluna waé. Jonghok waé nanya, ari nempo ti kajauhan mah haré-haré waé. Keur kuring aya rasa sedih ogé. Tapi ceuk Mamah jeung Apa, keun  heula masalah sosobatan mah tong ieuh dinomorhijikeun. Ayeuna konsentrasi kuring kudu pokus ka masalah pelajaran jang persiapan asup és ém a.
Ngan ditingali, Ina mingkin ningkah. Sagala rupana. Harita Ita dipangmeulikeun motor matik kaluaran anyar ku kolotna. Ina gé meureun ngarieng da teu lila manéhna  geus make motor matik anyar nu jiga vesva modifikasi.
Kuring mah teu panas teu sérab nempo Ina galayar guluyur jiga nu pamér di hareupeun Kuring. Reueus wé nu aya nempo sobat mingkin loba parobahan jeung paningkatan. Peujeuheun kuring atuh. Boro dipangmeulikeun motor, da rék diajar motor nu Apa gé ulaheun. Basana budak kénéh can meujeuhna mawa motor sorangan. Bisi cilaka. Keur kuring mah teu rék jadi pikir. Da enya capé ogé mawa motor sorangan teh. Mending tarima bérés, dianteur jemput ku Apa.
***
Karék sabulan ditarima jadi siswa és ém ka jurusan akuntansi sakumaha cita-cita kuring jeung kolot. Ina mah da nurut kahayang kolotna di ka és ém a keun cenah ngarah engkéna kuliah di Perguruan Tinggi Negeri. Ita sakola di és ém a sejen deui. Tilu sobat, kuring, Ita jeung Ina téh papisah pisan ku tempat jeung kaayaan. Aya rasa sono paguntrengan ngan ras deui ka kaayaan nu beda, ngarengkog deui sagala kahayang. Keunlah, engké gé aya waktuna. Cekéng ngupahan karep. Geus kitu mah anteng deui ka kahirupan anyar séwang-séwangan. Mapag mangsa mangkak rumaja, nétéan léngkah-léngkah dibarung sumanget ngora keur ngudag cita-cita.
Ngan rada lila ti harita, basa nempo Ina teu jeung motor matikna. Ngadéngé béja deui motorna dicokot ku dealer da teu bisa mayar angsuran. Puguh teu jauh, béja téh rupa-rupa ngeunaan kulawarga Ina. Loba nu nagih sabangsaning bank jeung koperasi. Barang-barang nu sakitu peretékna sabangsaning tipi, dvd jeung éléktronik nu séjénna geus parindah tempat ka pagadéan. Tatangga mah singkuciwes, angger sok ngaramékeun. Tapi di sajeroning haté kuring, sajaba milu sedih jeung prihatin téh jadi ngarasa syukur. Syukur kuring teu loba kahayang. Syukur kuring bisa hirup saayana sakadugana. Tumarima kana kaayaan bari ngeureuyeuh ikhtiar.
Tepi ka tamat és ém ka, kuring ngalamar gawé, magang part time  di salah sahiji pausahaan kontraktor gedé bari ngeureuyeuh kuliah. Ina kursus komputer bari digawé di counter hapé. Ita, nu andelemi, bageur jeung pangbeungharna, dikawinkeun satutas lulus és ém a. Ampir-ampiran teu tamat mun teu diupayakeun ku kolotna mah. Manéhna jadi ‘ibu muda’. Ngasuh budak bari muka toko leuleutikan.
 Ari kuring? Angger wé nyorangan. Tékad téh moal wara boga salaki. Hayang lulus kuliah tuluy ngalamar jadi guru. Kawas cita-cita nu dipikahayang kuring jeung kolot.
***

Komentar

  1. Abeuuu...................
    Urang subang gaduh blog. Sae lanjtukan, terus berkarya

    BalasHapus
    Balasan
    1. Haturnuhun kang Black parantos ngalongok Blog Ratna. Urang Subang tea atuhhhh....

      Hapus

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dia Anakku