KEMBANG EURIH

Ku : Ratna Ning



Eurih-euriheun ceurik bari diuk na tepis wiring. Ngabadékeun lungkawingna rasa.
Duhh Bapa...hayang ngajait sagala katugenah jeung katunggara Anjeun engké jaga. Lamun kuring geus sawawa. Bosen jeung teu wasa ngadéngé bapa ku sok humandeuar ngaharéwoskeun kaduhung. Dinar leutik ngagerentes di sela-sela inghakna. Aya seuneu nu ngabebela na dadana. Seuneu nu hésê pareum, ngagugudag na jero rénghap. 
*** 

"Geura kawin Din! Teu hadé rék lalagasan waé? Pan umur anjeun téh geus leuwih ti sawawa! Ieu mah ngan abrag-abragan wé gadag téh. Kuliah geus tamat ku tamatna. Lain heug geura néangan gawé!!" Ema norowêlang meuni méh tiap wanci, ngunguprak Dinar. 
"Ahh kawin jeung saha? Embé Ma? Jeung barina néangan gawê téh hêsé. Komo kuliah kur tepi ka D2. Ngalamar jadi Guru gé teu katarima. Kagok!" Dinar némbal bari diuk nyanghareupan mêja makan. 
"Nya ari gawé mah kanu naon wé atuh nu kira-kira mampuh jeung ijazahna. Sugan kuli pabrik!! Daripada ngalêr ngidul mamawa motor. Ojeg lain tukang kiridit lain. Atuh ari geus mikir mah kawin gé rêk ka embé rék ka Onta ari purun mah. Prung wéh. Daripada ngulayab teu puguh mah." Ema angger ngacacang. 
"Ahh moal teuing kawin jeung embé atawa Onta Ma" 'Bapa ogê sacakan jelema tur jejeg, ti baheula pinuh ku panghina ti kulawarga Ema. Komo meureun jeung embé. Karunya ka Embéna bisi bunuh diri!' ukur dituluykeun bantahan téh semet na haté. 
"Heuhh paribasa tamah Maésaroh. Sing geura eungket-eungkeut. Embung kami mah boga anak awéwé ngajubleg jadi parawan kolot. Bet euweuh turunan jomblo!!" Ema ngagorolang mingkin ngagerung. Êta wé mun geus ambek sok nyebut Dinar maké ngaran papanjangannana. Geus ngadéngê galagat teu bener mah Dinar jempé. 
*** 
"Bulan Oktober Akang rék ngajak Dinar ka Balé nyungcung téh. Bejakeun ka Bapa, akang rék datang ngalamar!" Kang Deni méré harepan na telepon.
Plon gdada Dinar karasa ngemplong. 

Top of Form
  ***
Amprok jeung Déni tina handphone. Bahasana ngeunaheun, déwasa jeung nu pentingna mah tempoeun kahareupna. Kapala divisi di salah sahiji kondominium di Jakarta. Gedungna kaasup gedung Pencakar langit nu kawentar di kawasan Sudirman. Sawatara waktu teteleponan tuluy jangji paamprok. Nempo dedegannana mah jauh jeung kriteria lalaki impian. Rupa basajan, dedegan basajan. Tapi nu teu basajan mah kalungguhannana. Bujang kolot wedalan kota. Turunan asli 'orang awak'. Tah ieu pisalakieun mah. Mun dikenalkeun ka kulawargana hamo teu ngaruy. Rék dipertahankeun tepi ka jucungna. Tékad Dinar diluyukeun jeung prak-prakannana. Dua taun disabaran. Kolot mah geus ngong deui ngong deui ngagoongan. 
"Geura kawin Din. Rék nungguan naon deui. Umur sedek kolot. Bapa komo. Hayang teuing Bapa ngais incu saméméh mulang!" Bapa mindeng ngolongan.
"Hiss, Bapa tong waka nyarios kitu. Dinar acan bisa mulangtarima ka Bapa. Bapa sing jagjag. Dinar boga karep Pa! Moal kawin jeung lalaki samanéa".
"Naha maké ngomong kitu? Lalaki samanéa kumaha? Ceuk Bapa mah kajeun ka tukang macul ari Dinar suka mah Bapa teu weléh rido!" omongan Bapa kalah matak ngarakacak.
Duh Bapa deudeuh, rido sotén Bapa.  Moal Dinar mah. Lalakon Bapa moal deuk disorang deui. Bener asa ku sareukseuk nempo paméran dunya nu dipintonkeun. Sagalana gening diukur ku duit. Kanu beunghar mah harga gé ditaker saluhur-luhurna. Ngomong gé kat ku mamandapan. Kanu masakat mah biwir kat kuraweud haseum budi. Bray beureum bruy héjo mintonkeun cahya sinangling. Ieu harga uing! meureun kitu. Hayang teuing ngagéndéng, ngadeg mapakan karep. Moal hayang dileyek. Peurih nu kaangseu tina hawar-hawar selewingna bau rumenghik nu kegelé, bet asa ngaléléwé bathin. Sakitu lila, ceurik ukur semet na ati. Cimata nu teu kedal ngalambar, kur jadi cimata léléwa. Aya seuneu nu hibar, mingkin ngabebela na dada.
Kiwari cunduk ka wanci. Rék mantengkeun bandéra panangtang. Pikeun midang mapakan. Kang Déni datang nepungan. Dipapag dihiyap-hiyap. paroman dumadak saroméah.
"Deuh, éta calon téh Din? Meuni gandang. cicing-cicing manahoréng meunang urang kota.Kotka gandang kitu ning.Heueuh syukur..."
"Sing alus-alus ngawulaan...."
"Sing bisa ngolo haténa..." raong disarada.
Ukur seuri, cumantaka. Haté dangah mapag sumirat matapoé nu geus lila nembrag mastaka.
Sapuk, bulan Oktober ka Balé nyungcung. Bruh bréh sawangan éndah miheulaan. Hirup jeung manéhna di apartemén méwah nu salila ieu jadi invéstasi 'masa depan' Deni. Jadi Nyonya Kapala Divisi. Kahirupan rubah. satatus sosialna ngajaul. Didinya rék mupusti tunggul jeung tangkal. sangkan rahayu darajatna. Bungangang ngabayangkeun Bapa suda cimatana.kaganti ku seuri bagja.
***
Oktober geus nincak tanggal. patengahan bulan jangji Deni. Bapa geus tatan-tatan ngalaan suluh. Hajat geus dirancang. ondangan geus dikopé. Tinggal laju ka percetakan.
"Akang nuju sibuk Din. Sok wéh rancang nya. Sabaraha biayana, ké ditransfer!" kitu na sms manéhna. Plong ngemplong.
Saminggu kalarung. Ondagangan geus siap naék citak. Nu didago biaya nu dijangjikeun can aya hol. Ditelepon teu diangkat. Di sms teu dibales. Guligah..
Nya kamana?
Top of Form

            Bapa geus teu ngomong. Pamustungannana ngan ukur méré isarah ku mencrong kosong. Nalika haté mingkin dilimpudan ku guligah, sms datang. Ngabaralang.
" Dinar, hampura Akang. Akang teu bisa nedunan jangji pasini. Gening rék luméngkah téh ngadon diheureutan ku neugtreugna kateupanuju Indung. Nalika akang ménta widi rék jatukrami jeung anjeun, kajeun teu ditungkulan oge cekéng. Mamah kalah ngancam moal ngaku anak. Rék miceun akang tina kahirupannana. Akang bingung Din. Mangkaning Mamah ayeuna keur gering. Hampura Akang Din! Akang teu sanggup! Akang mundur! hampura..." ukur sakitu. Meuni tiis.
Haté Dinar ngageter. Ratug, Baluweng. Panon dumadak panas, cai nu geus ngembeng dipeper. Dicobaan ngahubungan manéhna. Nada sibuk. Dibalénan deui, aya nyambung. Teu diangkat. Dibalénan deui, angger teu diangkat. Terus kitu jeung kitu. Tepi ka antukna kadéngé operator ngabéjaan yén hapé teu aktif atawa diluar jangkauan.
GUstiiiii...
Teeerrrrr...leketeyyyy...Kudupruk..awak asa dipupul bayu. Lir kapuk kabaseuhan. Tulang sandi asa lolos tina patempatannana. Ngaliprek deukeut panto kamar, di patengahan.
"kunaon Din?" Bapa nu nyérangkeun ti tatadi, ngaguguyah awakna. Dinar melong, kosong. Diteuteup salila-lila beungeut kolot lalaki téh. Haropak jeung cakueul pikarunyaeun. Aya gambar katunggaraan dina roman jeung dedegna. Kahéngkéran hirup, ku loba dodoja jeung pepedut.Leketeyyyy...mingkin ngaleketeyyy..
"Bapaaaaa...hampura abdi paaa..." sora nu nagegeter, haroshos jeung dareuda.
"Kunaon? Boga kanyeri Dinar téh?” Bapa mingkin paciweuh.
Dinar teu ngajawab. Sora asa kapekek dina tikorona. kakonci teu bisa nyoara. SOng sms diasongkeun. Segruk ceurilk. Ceurik ngageuri, Nyeri. Nyeri pisan.
Bapa ngahuleng sanggeus tamat maca. lageday awakna nyarandé na bantalan korsi. Beungeutna geuneuk, sorot socana ibunan, ngembeng jiga tanggul nu dikombongkeun. Sangkan ulah bedah. Ukur ngaraga meneng. Neuteup lalangit. Lir neuteup isuk pagéto nu bakal nandang wirang.
"Mun seug Bapa apal atawa wasa, kajeun rék disusul ku Bapa ka panganjrekannana Din. Rék meredih ménta pangnyandangankeun wiwirang. Kajeun kawin isuk pegat soré...." sora Bapa ngosom, nahan nalangsa nu gumulung na dadana.
"teu perlu Pa. Urang lin baramaén. teu kudu ngarendahkeun diri jiga kitu. Keun baé Pa. Kajeun wirang sakalian..." Dinar nyaram di sela inghak jeung sumegruk.
Jung cengkat, rumanggieung muka panto kamar. Ceklék dikonci. Asa poék rohang kamar téh, sarua jeung poékna haté manéhna. Angkeub ceudeum pinuh ku pepedut pating garayot. Top kana pewangi semprot keur nyeungitan rohangan. Diarahkeun kana juru deukeut lalangit. Serrrrrrrrrrr...dipencét teu eureun-eureun. sakuliah madhab  baseuh jeung mabek parpum. Aambeuan medet. Sirah leneng. Ret hujan jieunan raat. Kolontrang dibalangkeun. Bru...awak Dinar ngarumpuyuk dina dipan.

Oktober, najan karasa langla jarum jam muterna, geus méh lekasan. Peurihna haté tungkebna harepan jeung impian. Suda sagala rupa udagan. Dinar mindeng ngahuleng ngaraga meneng. Bari nadah girimis nu ngepris ipis mapaésan alam Oktober nu nompérkeun usum mijih. Mun geus kitu, panglumpatan ukur ka tepiswiring, diuk ngabalung bingung, ngaraga meneng di sela-sela rembetna daun eurih. Didinya mawa kapeurih. Didinya nyudakeun gedurna amarah jeung dengdem nu masih nyésa. Didinya, nya didinya ngalenyepan maca diri.
Segruk ceurik. Eurih-euriheun. Leng deui ngahuleng. Nyéh seuri. Segruk deui ceurik. Duhh Gustiii..teungteuingeun nasib diri. Dinar mindeng ngarenghik jeung sasambat ka Gustina. Lalampahan jiga nu kurang saeundag. Lila. Bapana, Indungna, simpé. Teu wasa ngagutrak-getrik. Wiwirang nu nampeu, sabisa-bisa dirérépéh dirarapih. Antukna mah sagala gé cuparna mah ku lumangsungna wanci ngagulusurna wayah. Lila-lila mah cageur sabihara-bihari.
***

Add caption
529183_1425008127716656_1863859965_n (1).jpg     

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dia Anakku