Sajak Sunda

Mulang

Ngagandeuang gening
ngan angin nu mirig
basa sèahna gè ukur simpè
laju nyamuni na dapuran awi
Jalan sasampangan nu kaliwat
kalakay murag lèjèt katincak
Pacikrak eureun ngelak
nyèrangkeun badis tumanya
Geus lèngkah nu kasabaraha?


#SUBANG AKHIR JUNI 19

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dia Anakku