Buku Sunda Pertamaku "Gerentes"
( Ratna Ning )
Kuring,
Ita jeung Ina teh tilu sobat nu dalit ti
és dé kénéh. Ita, anak Bi Dami, beunghar
Ita mah. Mobil angkotna gé tilu, motorna dua. Bi Damina boga kios sembako, gedé.
Pantes Ita mah pakéna hadé waé, barangemasna reumbeuy, hapéna gé blackbérry
kaluaran anyar, Tablét ongkoh, laptopna
ongkoh. Ngan Ita mah kayungyun, bageur, soméah, henteu sombong. Mun aya tugas
kelompok ti sakola, kuring sok genah ngagrup jeung Ita, alat diajarna kumplit.
Pan ayeuna mah, sautak-saeutik néangan matéri dina google, tuluy diprint. Di
Ita mah puguh geus sagala aya, jadi teu kudu ngaluarkeun duit éstra keur
ngeprint. Tah keur kuring mah lumayan bisa ngurangan beban Mamah jeung Apa.
Ari Ina, Ina mah kaasup panggeulisna diantara
tiluan téh. Tapi ari kahirupanna mah teu jauh béda jeung kuring. Sarwa jalma
pas-pasan. Komo Ina mah adi lanceukna gé loba. Ngan ku édasna, manéhna mah bisa
midang tandang mapakan Ita. Hapé gé kajeun lain blackbérry, tapi hapé android
kaluaran anyar jeung mérk alus. Papakéan istuning gunta ganti nuturkeun mode nu
keur ramé. Naon geninglah da gunta-ganti. Kuring mah teu apal-apal acan da tara
ngiluan gunta-ganti mode. Nu penting mah ceuk Mamah ogé papakéan mah asal
beresih jeung rapih. Teu kudu anyar komo gunta-ganti tiap wanci. Enya kituna
mah, karunya ongkoh ka Mamah. Tibang ngandelkeun Apa kuli bangunan, kajeun geus
kasohor jadi Tukangna gé, tapi kahirupan kuring mah basajan. Jauh tina méwah.
Kacukupan dahar jeung biaya sakola kuring jeung Arif, adi kuring gé geus
syukur.
“Ké ari
hayang méwah mah, mun Nénéng geus boga pangala sorangan, geus tamat sakola, tah
pék. Mamah jeung Apa mah moal rék ménta. Moal hayang dibéré. Geus bisa nyukupan
kahayang jeung bubutuh Nénéng sorangan gé Mamah mah geus syukur. Ayeuna mah
tong waka gogojéhan, can jamanna. Nénéng
bajoang heula keur sakola nu junun. Keun Mamah jeung Apa nu bajoang
ngajeujeuhkeun waragadna”. Mamah sok peupeujeuh kitu ka kuring. Atuh kuring gé
ngarti kana kasusah kolot jeung patékadannana nu tigin hayang ngajununkeun
kuring.
Sering
pisan Ina mapanas kuring. Keur meuli hapé android ge manéhna moyok.
“Ngan si
Nénéng nu can boga hapé téh. Rék iraha tuh Néng? Geura meuli atuh?, ngarah teu
hésé urang hubungan lamun rék kerja kelompok atawa jangjian ulin téh. Teu BB
atawa android gé atuh hapé-hapé jadul”.
“Ahh
keun bé Nénéng mah, nu Mamah waé. Pan biasana gé sms ka mamah gé lancar.
Sakali-kali bisa diinjeum. Horéam boga hapé téh, loba biayaaneun. Karunya ka
Mamah” témbal kuring tenang.
“Teu
gaul ah Nénéng mah. Teu ramé!” Ina ngagadeud.
“Hayang
ramé mah lalajo film geura!” Ita nyelengkeung. Kuring nyirihil, Ita mah sok
mungkas omongan. Ina jadi teu ngomong deui. Pareum.
Da
kangaranan otak budak meureun kuring gé, sok rada kapanasan ari sering-sering
teuing mah dipapanas. Rajeun sok mangadu ka Mamah. Tapi Mamah sok bisa meper
kahayang kuring. Keun baé cenah rék disebut jadul rék disebut teu gaul ogé. Da
ukuran gaul mah lain tina boga atawa teu boga hapé. Tapi ku loba babaturan
kujalaran hadé haté jeung batur, silih ajénan silih riyonan silih hampura
cenah, tinangtu urang bakal loba nu mikaresep.
Tapi da jeung enyana. Alhamdullillah kuring
mah di sakola gé loba batur. Geus lumuh
nu sakelas, nu teu sakelas atawa béda tingkat ogé wawuh jeung akrab. Kuring mah
tara milih-milih babaturan atawa kokolompokan jiga Ina. Batur mah jeung saha
waé. Jeung nu saluhureun atawa sahandapeun. Jeung nu beunghar atawa nu teu boga. Jeung nu pinter atawa nu
bodo. Tara pilih-pilih. Da ceuk Mamah gé jalma mah sarua harkatna di mata
Allah. Teu payus mun jalma nu jadi ciptaanna ngabéda-béda golongan. Hanas jeung Ita jeung Ina, angger dalit téh
da puguh batur ulin ti bubudak.
Ngan
wijaksanana Mamah, dipangmeulikeun éta gé hapé kaméra. Najan nu murah. Nya
tangtu kuring atoh. Sanajan murah jeung lain hapé mérk jeung type modéren, tapi
nu penting mah Mamah mangmeulikeunna ikhlas jeung samampuhna.
“Keur
naon boga hapé modéren gé ari meunang unjak-anjuk atawa nu matak ripuh ka
urangna mah. Dipakéna gé hariwang!” Ceuk Mamah ngupahan.
“Moal
nganjuk ari modél Ita nu beunghar mah Mah!” Kuring nyempad bari seuri.
“Puguh
ari Ita mah, keuna ku pantes deuih. Ari modél Nénéng boga hapé alus, seug
kahirupan sapopoé keuna ku ripuh, meuni asa maksakeun jeung leuleuwihanan.
Jeung deuih, nu kitu mah saukur gaya hirup Néng. Bakal susah mun nutur-nutur
gaya hirup. Datang nu anyar, heug ganti deui. Kitu jeung kitu. Lain keur jalma
basajan modél urang. Urang mah ku cukup dahar, bisa sakola parok jeung batur gé
untung!”
Céréwéd Mamah
téh. Ceuk budak ayeuna mah bawél. Tapi da sadaya nu dipagahkeunna teu salah.
Samalah payus jeung bener. Kuring loba diajar ti mamah. Diajar hirup basajan,
tumarima kana kaayaan. Hirup saperluna, samampuhna. Jeung réa-réa deui. Mamah
téh ngora kénéh, da anak gé karék dua. Tapi ceuk kolot baheula téa mah meureun,
geus legok tapak génténg kadék Mamah téh. Hirup peurih ti bubudak. Laju perih.
Nya gening meunang peurah sanajan karék ku kawijaksanaan dina pola pikir jeung
sikep ogé. Reueus kuring mah ka Mamah.
Mamah
mah teu jiga batur. Hirup saayana. Teu panasbaran. Teu jiga babaturan Mamah nu
sok katempo ku kuring. Hirup mewah ku pake. Bruy beureum bruy héjo. Meuni matak
sérab jeung uruy. Pakakas pereték, kajeun meunang nganjuk ngahutang. Mamah mah
make baju gé istuning éta deui éta deui.
“Jang
naon ngukumpul baju. Saperluna wé. Asal aya ganti jang sapopoé, atuh keur
masamoan boga. Kajeun teu gunta ganti nu penting mah beresih jeung rapih!” sok
kitu waé jawaban Mamah.
Reueus
kuring ka Mamah. Satékah polah nuturkeun gaya hirup Mamah, basajan. Sanajan sok
jadi bahan poyok babaturan. Ahh keun baé da teu matak getihan ieuh. Nu
nyebutkeun kuper, katinggaleun mode, teu gaul, tara ieuh dipaké haté. Nu
penting mah hirup tetep jalan. Buktina, kuring ayeuna geus nincak kelas tilu és
ém pé. Ku ngeureuyeuh sakola jeung hirup saayana, teu weléh wé gening nikreuh.
***
Ita geus
boga kabogoh. Ngilu reueus. Ina mah komo, sok gunta-ganti kabogohna téh. Tuda
keur geulis, hadé paké jaba lincah.
“Ari
Nénéng iraha?” ceuk Ita ngaléndotan. Diheueuhan ku Ina.
“Ahh
Nénéng mah moal wara boga kabogoh. Jeungna saha atuh nu bogoheun ka Nénéng
geura?” walon kuring halon.
“Lain
teu aya nu bogoheun. Da Nénéng téh geulis atuh. Nénéngna wé teu begér. Tara
dangdan. Tara daék diajak kencan. Da nu salam wé aya pan, si Déni? Naha sok
cuek waé?” ceuk Ita. Ina jebi.
“Kurang
modal ongkoh Nénéng mah!” Ina mairan rada teugeug.
Megg téh
kana haté. Meuni ngahina kitu ari Ina.
“Nyaan
Nénéng mah kurang modal. Bati kurang kerung wé nempo Ina meuni hurung nangtung
siang leumpang!” cekéng rada nyindiran.
Teu rék kitu
kumaha? Ku hayang modis téh Ina mah meuni maksakeun. Geus lain rusiah deui lamun
indung bapana nu sakitu weritna, keur nyukupan kahayang Ina nu salangit téh
bati unjak-anjuk jeung ngahutang. Gunta-ganti hapé gé sabaraha kali? Hapé heubeul dijual, ditombokeun ka hapé anyar.
Tambahna meunang unjam-injeum ti koperasi harian. Meuli baju, sapatu nu sakitu nereselna,
jaba hayang nun bermérk waé, ladang nganjuk ti kiriditan. Tepi ka ratus-ratus
rebu. Nyobat jeung Ita nu beunghar jeung sagala kauntupan, angot mingkin
ngaluhuran gaya hirup da puguh sagala nurutan. Panasbaran jeung embung éléh Ina
mah. Katambah ku kolotna terus-terusan diwowoy, diturutkeun kajeun ladang anjuk
ladang ngahutang. Ningalina bet asa ripuh. Besar pasak daripada tiang. Tapi teu
kituna, teu rek jadi pusing keur kuring mah. Éta urusan batur.
Ditémbal
kitu Ina cicing. Teu lémék. Tapi katempo rada baeud. Beungeutna geuneuk. Atuh
pasti manéhna surti kana rumor nu geus jadi sabiwir hiji di lembur. Tapi sakali
deui kuring teu niat milu campur. Ngan édas wé sok teu resep ku asa aingna. Padahal
mah manéhna hadé paké téh ukur adéan ku kuda beureum.
“Lain kitu
Ina mah. Apan urang tiluan téh sobat dalit. Tapi Nénéng mah sok misah waé
sagala rupa gé. Jadi keur Ina mah asa teu kompak ari kitu téh. Teu solidér!”
pokna deui sanggeus rada lila.
“Ohh
kutan? Ari kompak jeung solider numutkeun Ina nu kumaha kitu? Ari keur Neénéng
mah ngahargaan babaturan, silih talingakeun, silih benerkeun mun salah, silih
longok mun salah sahiji gering, silih tulungan samampuhna, éta nu ngaranna
kompak jeung soliderna sosobatan mah..”
“Nya teu
cukup kitu waé...” Ina némpas. Saperti sasari tungtungna, mun geus kitu manéhna
sok ngajak debat.
“Pan urang téh ‘tiga sekawan’.....”
“Teu
maké ‘di pulau seram’ jiga judul buku?” kuring nyikikik. Ina molotot. Ita nu
titatadi cicing ngabandungan, ngilu seuri.
“Tong
sok heuruy, Ina can anggeus ngomong!” Ina ngagebés. Biwir kuring rapet.
“Kompak
jeung solidér téh lain ukur kitu. Nya kudu kompak ogé dina paké. Mun urang ka
ondangan ulangtaun atawa pésta babaturan, nu saurangna maké higheels, nu
sawaréh gé miluan. Ngarah teu pincang...”
“Yéh, ai
pincang mah mun maké higheels sabeulah maké sendal capit sabeulah éta tinangtu
bakal pincang!” kuring nyorobot deui bari dibarengan ku heureuy. Ina meureudeuy
semu gereget. Ita nyakakak teu euleum-euleum.
“Tos Na,
Nénéng ngarti kamana arah omongan Ina. Naon nu dipimaksud ku Ina perkara
kompakna arti sosobatan nurutkeun Ina. Meureun hartina, Nénéng teu kompak dina
matéri, dina paké, tah ayeuna dina kikindeuwan. Ita, Ina mah geus boga, ari
Nénéng acan. Éta dihartikeun ku Ina, Nénéng teu kompak jeung babaturan!” ceuk
kuring teges jeung mérélé. Lebah ngomong mah tinangtu dua sobat kuring gé
nyahoeun. Kuring bisa waé éléh dina paké jeung sagalana. Tapi dina ngomong mah
moal éléh debat. Atuh moal dipercaya
jadi Jubir Osis jeung lomba-lomba pidato antara sakola lamun kamampuhan
ngagorolang kuring teu kaaku. Ceuk Mamah gé, ulah sieun nyoara, asal
didadasaran ku bener.
“Ari
dadasar kompak jeung solidér numutkeun Ina kawas kitu nya meureun Nénéng mah
nyerah. Mending mundur waé tina sosobatan urang. Da lumuh Nénéng mah teu bisa
nuturkeun atawa nurutan gaya hirup aranjeun duaan. Nénéng mah jalma basajan.
Teu aya modal kanggo nuturkeun karep jeung gaya aranjeun duaan. Sosobatan téh
murni ku rasa nyaah, asih jeung gemi Nénéng mah ka sobat-sobat. Tempat diajar
meungkeutkeun tatali silaturohim sobat téh. Sanajan urang béda tapi bisa ngahiji
kalayan sauyunan dina béda éta. Ayeuna Ina nganggap Nénéng teu solidér, teu
mapakan meureun, nya mangga, Nénéng mah mundur. Moal ngadalit teuing jeung
aranjeun...” ngomong kitu téh bari nangtung, nyolendangkeun kantong nu geus
mimiti boléas da puguh geus dua taun teu ganti. Mamah mah rék mangmeulikeun,
tapi kuring nu nolak. Nyaah da sakeudeung deui tamat és ém pé. Ké mun asup és
ém a karék ganti kantong.
Nempo
kuring nangtung, Ita curinghak. Giak ngahulag jeung ngahalangan. Tapi Ina mah
kalah ngabalieur bari jebi. Ku kitu gé kuring ngarti ka karep Ina.
Ti
harita, keur mah tuluy ripuh nyanghareupan ujian umum jeung persiapan-persiapan
séjénna, sosobatan kuring jeung Ita katut Ina jadi rada anggang. Ita mah sok
mindeng kénéh smsan nanyakeun kabar jeung sajabana ka kuring. Ina mah amprok di
sakola gé geus saperluna waé. Jonghok waé nanya, ari nempo ti kajauhan mah haré-haré
waé. Keur kuring aya rasa sedih ogé. Tapi ceuk Mamah jeung Apa, keun heula masalah sosobatan mah tong ieuh
dinomorhijikeun. Ayeuna konsentrasi kuring kudu pokus ka masalah pelajaran jang
persiapan asup és ém a.
Ngan
ditingali, Ina mingkin ningkah. Sagala rupana. Harita Ita dipangmeulikeun motor
matik kaluaran anyar ku kolotna. Ina gé meureun ngarieng da teu lila manéhna geus make motor matik anyar nu jiga vesva
modifikasi.
Kuring
mah teu panas teu sérab nempo Ina galayar guluyur jiga nu pamér di hareupeun
Kuring. Reueus wé nu aya nempo sobat mingkin loba parobahan jeung paningkatan.
Peujeuheun kuring atuh. Boro dipangmeulikeun motor, da rék diajar motor nu Apa
gé ulaheun. Basana budak kénéh can meujeuhna mawa motor sorangan. Bisi cilaka.
Keur kuring mah teu rék jadi pikir. Da enya capé ogé mawa motor sorangan teh.
Mending tarima bérés, dianteur jemput ku Apa.
***
Karék
sabulan ditarima jadi siswa és ém ka jurusan akuntansi sakumaha cita-cita
kuring jeung kolot. Ina mah da nurut kahayang kolotna di ka és ém a keun cenah
ngarah engkéna kuliah di Perguruan Tinggi Negeri. Ita sakola di és ém a sejen
deui. Tilu sobat, kuring, Ita jeung Ina téh papisah pisan ku tempat jeung
kaayaan. Aya rasa sono paguntrengan ngan ras deui ka kaayaan nu beda,
ngarengkog deui sagala kahayang. Keunlah, engké gé aya waktuna. Cekéng ngupahan
karep. Geus kitu mah anteng deui ka kahirupan anyar séwang-séwangan. Mapag
mangsa mangkak rumaja, nétéan léngkah-léngkah dibarung sumanget ngora keur
ngudag cita-cita.
Ngan
rada lila ti harita, basa nempo Ina teu jeung motor matikna. Ngadéngé béja deui
motorna dicokot ku dealer da teu bisa mayar angsuran. Puguh teu jauh, béja téh
rupa-rupa ngeunaan kulawarga Ina. Loba nu nagih sabangsaning bank jeung
koperasi. Barang-barang nu sakitu peretékna sabangsaning tipi, dvd jeung éléktronik
nu séjénna geus parindah tempat ka pagadéan. Tatangga mah singkuciwes, angger
sok ngaramékeun. Tapi di sajeroning haté kuring, sajaba milu sedih jeung prihatin
téh jadi ngarasa syukur. Syukur kuring teu loba kahayang. Syukur kuring bisa
hirup saayana sakadugana. Tumarima kana kaayaan bari ngeureuyeuh ikhtiar.
Tepi ka
tamat és ém ka, kuring ngalamar gawé, magang part time di salah sahiji pausahaan kontraktor gedé bari
ngeureuyeuh kuliah. Ina kursus komputer bari digawé di counter hapé. Ita, nu
andelemi, bageur jeung pangbeungharna, dikawinkeun satutas lulus és ém a.
Ampir-ampiran teu tamat mun teu diupayakeun ku kolotna mah. Manéhna jadi ‘ibu
muda’. Ngasuh budak bari muka toko leuleutikan.
Ari kuring? Angger wé nyorangan. Tékad téh
moal wara boga salaki. Hayang lulus kuliah tuluy ngalamar jadi guru. Kawas
cita-cita nu dipikahayang kuring jeung kolot.
***
Abeuuu...................
BalasHapusUrang subang gaduh blog. Sae lanjtukan, terus berkarya
Haturnuhun kang Black parantos ngalongok Blog Ratna. Urang Subang tea atuhhhh....
Hapus