KEMBANG EURIH
Ku : Ratna Ning
Eurih-euriheun ceurik bari diuk na tepis
wiring. Ngabadékeun lungkawingna rasa.
Duhh Bapa...hayang ngajait sagala katugenah jeung katunggara Anjeun engké jaga. Lamun kuring geus sawawa. Bosen jeung teu wasa ngadéngé bapa ku sok humandeuar ngaharéwoskeun kaduhung. Dinar leutik ngagerentes di sela-sela inghakna. Aya seuneu nu ngabebela na dadana. Seuneu nu hésê pareum, ngagugudag na jero rénghap.
Duhh Bapa...hayang ngajait sagala katugenah jeung katunggara Anjeun engké jaga. Lamun kuring geus sawawa. Bosen jeung teu wasa ngadéngé bapa ku sok humandeuar ngaharéwoskeun kaduhung. Dinar leutik ngagerentes di sela-sela inghakna. Aya seuneu nu ngabebela na dadana. Seuneu nu hésê pareum, ngagugudag na jero rénghap.
***
"Geura kawin Din! Teu hadé rék lalagasan
waé? Pan umur anjeun téh geus leuwih ti sawawa! Ieu mah ngan abrag-abragan wé
gadag téh. Kuliah geus tamat ku tamatna. Lain heug geura néangan gawé!!"
Ema norowêlang meuni méh tiap wanci, ngunguprak Dinar.
"Ahh kawin jeung saha? Embé Ma? Jeung
barina néangan gawê téh hêsé. Komo kuliah kur tepi ka D2. Ngalamar jadi Guru gé
teu katarima. Kagok!" Dinar némbal bari diuk nyanghareupan mêja makan.
"Nya ari gawé mah kanu naon wé atuh nu
kira-kira mampuh jeung ijazahna. Sugan kuli pabrik!! Daripada ngalêr ngidul
mamawa motor. Ojeg lain tukang kiridit lain. Atuh ari geus mikir mah kawin gé
rêk ka embé rék ka Onta ari purun mah. Prung wéh. Daripada ngulayab teu puguh mah."
Ema angger ngacacang.
"Ahh moal teuing kawin jeung embé atawa
Onta Ma" 'Bapa ogê sacakan jelema tur jejeg, ti baheula pinuh ku panghina
ti kulawarga Ema. Komo meureun jeung embé. Karunya ka Embéna bisi bunuh diri!'
ukur dituluykeun bantahan téh semet na haté.
"Heuhh paribasa tamah Maésaroh. Sing
geura eungket-eungkeut. Embung kami mah boga anak awéwé ngajubleg jadi parawan
kolot. Bet euweuh turunan jomblo!!" Ema ngagorolang mingkin ngagerung. Êta
wé mun geus ambek sok nyebut Dinar maké ngaran papanjangannana. Geus ngadéngê galagat
teu bener mah Dinar jempé.
***
"Bulan Oktober Akang rék ngajak Dinar ka
Balé nyungcung téh. Bejakeun ka Bapa, akang rék datang ngalamar!" Kang
Deni méré harepan na telepon.
Plon gdada Dinar karasa ngemplong.
***
Amprok jeung Déni tina
handphone. Bahasana ngeunaheun, déwasa jeung nu pentingna mah tempoeun
kahareupna. Kapala divisi di salah sahiji kondominium di Jakarta. Gedungna
kaasup gedung Pencakar langit nu kawentar di kawasan Sudirman. Sawatara waktu
teteleponan tuluy jangji paamprok. Nempo dedegannana mah jauh jeung kriteria
lalaki impian. Rupa basajan, dedegan basajan. Tapi nu teu basajan mah
kalungguhannana. Bujang kolot wedalan kota. Turunan asli 'orang awak'. Tah ieu
pisalakieun mah. Mun dikenalkeun ka kulawargana hamo teu ngaruy. Rék
dipertahankeun tepi ka jucungna. Tékad Dinar diluyukeun jeung prak-prakannana.
Dua taun disabaran. Kolot mah geus ngong deui ngong deui ngagoongan.
"Geura kawin Din.
Rék nungguan naon deui. Umur sedek kolot. Bapa komo. Hayang teuing Bapa ngais
incu saméméh mulang!" Bapa mindeng ngolongan.
"Hiss, Bapa tong
waka nyarios kitu. Dinar acan bisa mulangtarima ka Bapa. Bapa sing jagjag.
Dinar boga karep Pa! Moal kawin jeung lalaki samanéa".
"Naha maké
ngomong kitu? Lalaki samanéa kumaha? Ceuk Bapa mah kajeun ka tukang macul ari
Dinar suka mah Bapa teu weléh rido!" omongan Bapa kalah matak ngarakacak.
Duh Bapa deudeuh, rido
sotén Bapa. Moal Dinar mah. Lalakon Bapa moal deuk disorang deui. Bener
asa ku sareukseuk nempo paméran dunya nu dipintonkeun. Sagalana gening diukur
ku duit. Kanu beunghar mah harga gé ditaker saluhur-luhurna. Ngomong gé kat ku
mamandapan. Kanu masakat mah biwir kat kuraweud haseum budi. Bray beureum bruy
héjo mintonkeun cahya sinangling. Ieu harga uing! meureun kitu. Hayang teuing
ngagéndéng, ngadeg mapakan karep. Moal hayang dileyek. Peurih nu kaangseu tina
hawar-hawar selewingna bau rumenghik nu kegelé, bet asa ngaléléwé bathin.
Sakitu lila, ceurik ukur semet na ati. Cimata nu teu kedal ngalambar, kur jadi
cimata léléwa. Aya seuneu nu hibar, mingkin ngabebela na dada.
Kiwari cunduk ka
wanci. Rék mantengkeun bandéra panangtang. Pikeun midang mapakan. Kang Déni
datang nepungan. Dipapag dihiyap-hiyap. paroman dumadak saroméah.
"Deuh, éta
calon téh Din? Meuni gandang. cicing-cicing manahoréng meunang urang kota.Kotka
gandang kitu ning.Heueuh syukur..."
"Sing alus-alus ngawulaan...."
"Sing bisa ngolo
haténa..." raong disarada.
Ukur seuri, cumantaka.
Haté dangah mapag sumirat matapoé nu geus lila nembrag mastaka.
Sapuk, bulan Oktober
ka Balé nyungcung. Bruh bréh sawangan éndah miheulaan. Hirup jeung manéhna
di apartemén méwah nu salila ieu jadi invéstasi 'masa depan' Deni. Jadi Nyonya
Kapala Divisi. Kahirupan rubah. satatus sosialna ngajaul. Didinya rék mupusti
tunggul jeung tangkal. sangkan rahayu darajatna. Bungangang ngabayangkeun Bapa
suda cimatana.kaganti ku seuri bagja.
***
Oktober geus nincak
tanggal. patengahan bulan jangji Deni. Bapa geus tatan-tatan ngalaan suluh.
Hajat geus dirancang. ondangan geus dikopé. Tinggal laju ka percetakan.
"Akang nuju sibuk
Din. Sok wéh rancang nya. Sabaraha biayana, ké ditransfer!" kitu na sms manéhna.
Plong ngemplong.
Saminggu kalarung.
Ondagangan geus siap naék citak. Nu didago biaya nu dijangjikeun can aya hol.
Ditelepon teu diangkat. Di sms teu dibales. Guligah..
Nya kamana?
Nya kamana?
Bapa
geus teu ngomong. Pamustungannana ngan ukur méré isarah ku mencrong kosong.
Nalika haté mingkin dilimpudan ku guligah, sms datang. Ngabaralang.
" Dinar, hampura Akang. Akang teu bisa
nedunan jangji pasini. Gening rék luméngkah téh ngadon diheureutan ku
neugtreugna kateupanuju Indung. Nalika akang ménta widi rék jatukrami jeung
anjeun, kajeun teu ditungkulan oge cekéng. Mamah kalah ngancam moal
ngaku anak. Rék miceun akang tina kahirupannana. Akang bingung Din. Mangkaning
Mamah ayeuna keur gering. Hampura Akang Din! Akang teu sanggup! Akang mundur!
hampura..." ukur sakitu.
Meuni tiis.
Haté
Dinar ngageter. Ratug, Baluweng. Panon dumadak panas, cai nu geus ngembeng
dipeper. Dicobaan ngahubungan manéhna. Nada sibuk. Dibalénan deui, aya
nyambung. Teu diangkat. Dibalénan deui, angger teu diangkat. Terus kitu jeung
kitu. Tepi ka antukna kadéngé operator ngabéjaan yén hapé teu aktif atawa
diluar jangkauan.
GUstiiiii...
Teeerrrrr...leketeyyyy...Kudupruk..awak asa dipupul bayu. Lir kapuk kabaseuhan. Tulang sandi asa lolos tina patempatannana. Ngaliprek deukeut panto kamar, di patengahan.
Teeerrrrr...leketeyyyy...Kudupruk..awak asa dipupul bayu. Lir kapuk kabaseuhan. Tulang sandi asa lolos tina patempatannana. Ngaliprek deukeut panto kamar, di patengahan.
"kunaon
Din?" Bapa nu nyérangkeun ti tatadi, ngaguguyah awakna. Dinar melong,
kosong. Diteuteup salila-lila beungeut kolot lalaki téh. Haropak jeung cakueul
pikarunyaeun. Aya gambar katunggaraan dina roman jeung dedegna. Kahéngkéran
hirup, ku loba dodoja jeung pepedut.Leketeyyyy...mingkin ngaleketeyyy..
"Bapaaaaa...hampura
abdi paaa..." sora nu nagegeter, haroshos jeung dareuda.
"Kunaon?
Boga kanyeri Dinar téh?” Bapa mingkin paciweuh.
Dinar teu
ngajawab. Sora asa kapekek dina tikorona. kakonci teu bisa nyoara. SOng sms
diasongkeun. Segruk ceurilk. Ceurik ngageuri, Nyeri. Nyeri pisan.
Bapa ngahuleng sanggeus tamat maca. lageday awakna nyarandé na bantalan korsi. Beungeutna geuneuk, sorot socana ibunan, ngembeng jiga tanggul nu dikombongkeun. Sangkan ulah bedah. Ukur ngaraga meneng. Neuteup lalangit. Lir neuteup isuk pagéto nu bakal nandang wirang.
Bapa ngahuleng sanggeus tamat maca. lageday awakna nyarandé na bantalan korsi. Beungeutna geuneuk, sorot socana ibunan, ngembeng jiga tanggul nu dikombongkeun. Sangkan ulah bedah. Ukur ngaraga meneng. Neuteup lalangit. Lir neuteup isuk pagéto nu bakal nandang wirang.
"Mun
seug Bapa apal atawa wasa, kajeun rék disusul ku Bapa ka panganjrekannana Din.
Rék meredih ménta pangnyandangankeun wiwirang. Kajeun kawin isuk pegat
soré...." sora Bapa ngosom, nahan nalangsa nu gumulung na dadana.
"teu
perlu Pa. Urang lin baramaén. teu kudu ngarendahkeun diri jiga kitu. Keun baé
Pa. Kajeun wirang sakalian..." Dinar nyaram di sela inghak jeung sumegruk.
Jung cengkat, rumanggieung muka panto kamar. Ceklék dikonci. Asa poék rohang kamar téh, sarua jeung poékna haté manéhna. Angkeub ceudeum pinuh ku pepedut pating garayot. Top kana pewangi semprot keur nyeungitan rohangan. Diarahkeun kana juru deukeut lalangit. Serrrrrrrrrrr...dipencét teu eureun-eureun. sakuliah madhab baseuh jeung mabek parpum. Aambeuan medet. Sirah leneng. Ret hujan jieunan raat. Kolontrang dibalangkeun. Bru...awak Dinar ngarumpuyuk dina dipan.
Jung cengkat, rumanggieung muka panto kamar. Ceklék dikonci. Asa poék rohang kamar téh, sarua jeung poékna haté manéhna. Angkeub ceudeum pinuh ku pepedut pating garayot. Top kana pewangi semprot keur nyeungitan rohangan. Diarahkeun kana juru deukeut lalangit. Serrrrrrrrrrr...dipencét teu eureun-eureun. sakuliah madhab baseuh jeung mabek parpum. Aambeuan medet. Sirah leneng. Ret hujan jieunan raat. Kolontrang dibalangkeun. Bru...awak Dinar ngarumpuyuk dina dipan.
Oktober, najan karasa
langla jarum jam muterna, geus méh lekasan. Peurihna haté tungkebna harepan
jeung impian. Suda sagala rupa udagan. Dinar mindeng ngahuleng ngaraga meneng.
Bari nadah girimis nu ngepris ipis mapaésan alam Oktober nu nompérkeun usum
mijih. Mun geus kitu, panglumpatan ukur ka tepiswiring, diuk ngabalung bingung,
ngaraga meneng di sela-sela rembetna daun eurih. Didinya mawa kapeurih. Didinya
nyudakeun gedurna amarah jeung dengdem nu masih nyésa. Didinya, nya didinya
ngalenyepan maca diri.
Segruk ceurik.
Eurih-euriheun. Leng deui ngahuleng. Nyéh seuri. Segruk deui ceurik. Duhh
Gustiii..teungteuingeun nasib diri. Dinar mindeng ngarenghik jeung sasambat ka
Gustina. Lalampahan jiga nu kurang saeundag. Lila. Bapana, Indungna, simpé. Teu
wasa ngagutrak-getrik. Wiwirang nu nampeu, sabisa-bisa dirérépéh dirarapih.
Antukna mah sagala gé cuparna mah ku lumangsungna wanci ngagulusurna wayah.
Lila-lila mah cageur sabihara-bihari.
***
Add caption |
Komentar
Posting Komentar